Dina pabukon sunda aya sawatara carita anu disebut 'carita dekektip',
diantarana diarah pati beunang
margasulaksana jeung Laleur Bodas beunang samsu. Samsu teh lain ngaran anu
saenyana tapi sandiasma anu diwangun ku engang mimiti jenengan duajalma anu
nyusun eta carita, nyaeta Sambas jeung Susangka (ayeuna mah H. E Susangka).
Kumaha ari margasulaksana? Wallahu'alam. Gedekamungkinan eta oge
sandiasma au nepi ka kiwari tacan kapaluruh saha jenengan anu saenyana. Eta dua
carita disebut 'carita detektip', padahal urang pada terang yen dina eta dua
carita, henteu aya detektip saurang-urang acan. Bisa jadi kulantaran aya anasir
rahasiahna.
Detektip
teh pulis atawa pagawe pausahaan jasa anu tugasna kalawan rerencepan maluruh
hal-hal anu ditanyakeun ku langgananana. Lamun pulisi, biasana maluruh
kajahatan (umumna rajapati) nepi ka nu ngalakukeuna kacerek. Sabada sag
detektip meunangkeun bukti-bukti pikeub ngajagragkeun panjahatna ka pangadilan,
rta penjahat teh ditangkep. Tapi ari detektip pausahaan swasta anu nawarkeun
jasa pikeun mangmaluruhkrun sagalarupa hal pikeun kapentingan langgananana,
henteu salilana (malah umumna mah henteu) aya patalina jeung kajahatan. Di
sawatara nagara, aya pausahaan detektip nu diantarana mangmaluruhkeun kaayaan
calon salaki atawa kulawarga calon pamajikan anak anu menta dipangmaluruhkeun
jeung pibesaneun teh. Aya oge anu menta dipangmaluruhkeun naha enya salaki
atawa pamajikanana sok nyolowedor, pangpangna pikeun dijadikeun bukti lamun ek
pepegatan.
Dina pabukon kulon memang aya golongan carita anu nyaritakeun hiji tokoh
pulisi anu jadi detektip nyanghareupan rupa-rupa kasus kajahatan,
pangpangna nu mangrupa rajapati. Pangarang anu geus sukses ngajaulkeun hiji
tokoh detektip nepi ka dipikaresep ku nu macana, tuluy nyieun seri carita anu
nyaritakeun eta tokoh ngabongkar rupa-rupa kasus kajahatan. Tokoh-tokoh
Sherlock Holmes karangan A. Conan Doyle pangarang ti Inggris jeung Inspektur
Maigret (dina karangan-karangan pangarang Prancis George Simenon), Inspektur
Poirrot (dina karangan-karangan pangarang wanoja Inggris Agatha Christie)
Pangarangna nepatken carita laleur bodas jiga kajadian di kuningan. Sangkan
jiga, patepungna lili jeung basri peuting-peuting basa merego Sumarni bobogohan
jeung Didi, disebutkeun di Haur Duni; wallahu'alam aya heunteuna mah eta
patamanan teh. Sabab sanyatana, eta carita teh bisa bae kajadian di tempat
sejen, lain di kuningan, da henteu aya kajadian atawa alur caritana anu memang
kudu Kuningan. Ari Sababna matak milih Kuningan mah, kateguhna babari, eta
meureun dumeh pangarangna duanana oge tedak kuningan.
A.Identitas Buku
Judul
: Laleur BODAS
Pangarang
: Samsu
Wedalan
: PT Kiblat Buku Utama
: Jl. Gumuruh No.38, Bandung 40275
Telp/fax
: +62227330595
Surat-e
: penerbitkiblat@yahoo.co.id
Perancang
Jilid
: Deddy Subandi
Ilustrasi
Jilid
: Yusuf Afendi
Citakan
: Citakan ka-1, Bale Pustaka,1940; Citakan ka-2, 1952; Citakan ka-3, Yayasan
Bakti Haruman, 1992; Citakan ka-4, Girimukti Pasaka, 1992; Citakan ka-5, Kiblat
Buku Utama, 2002; Citakan ka-6, Desember 2009.
Tebel Buku
: 14,5 x 21 cm.; 188 kaca
Harga
: Rp 20.000,-
B. Kapangarangan
Laleur Bodas teh mangrupakeun carita beunang samsu. Samsu teh lain ngaran
au saenyana tapi sandiasma anu diwangun ku engang mimiti jenengan duajalma anu
nyusun eta carita, nyaeta Sambas jeung Susangka (ayeuna mah H. E Susangka),
duanana oge tedak kuningan.
C. Tingkesan
Basri hahadéan jeung Lili. Dina hiji peuting waktu keur nariis di Haur
Duni, maranéhna bet merego Didi nyieun lampah teu uni jeung Sumarni. Didi terus
ngunek-ngunek, hayang nyilakakeun Basri. Basri haben diganggu maké rupa-rupa
jalan. Sa¬je¬roning kitu, Basri sok remen narima surat pondok ti “Laleur
Bodas”, tepi ka manéhna remen salamet tina laku jahat panggawé deungeun. Saha
ari “La¬leur Bodas” téh?
“Laleur Bodas téh caritana basajan, henteu pa¬beu¬lit cara ilaharna carita
mistéri, tapi henteu weléh ngahudang kapanasaran anu maracana. Pangarangna
tapis pisan dina ngarasiahkeun saha saenyana “Laleur Bodas” téh”.
D. Tokoh jeung Panokohan
1.Basri :
Tokoh nu utami. Watakna sabar, teu taliti, wanian, nyaah pisan ka nu jadi
kabogoh.
2.
Lili
: Istri anu mikacinta ka basri. Watakna sabar,
3. Didi :
Nu jadi tokoh anu jahat. Watakna sombong, adigung, heuras.
4. Ghani : Anak Buah
subita. Nu jadi Laleur Bodas. Watakna hade, bageur, nyaah kana kahadean.
5. Gapur : Anak Buah
Subita. Watakna Jahat, nurut ka Subita.
6. Subita : Tokoh jahat.
Watakna goreng.
Jeung sajabana.
E. Unsur Carita
1. Alur
Pangenalan. Konflik. Klimaks. Jeung panutup carita.
2. Tema
Carita Detektip atawa Crita Misteri.
3. Katerangan
Tempatna di Kuningan.
F. Kaunggulan jeung kalemahan
Numutkeun simkuring. dina novel ieu aya sababaraha kaunggula jeung
kalemahan sapertos kieu :
1.
Kaunggulan
- Bahasa novelna merenah, gampang dipiharti.
- Caritana matak panasaran jeung pinunjul.
- Caritana pakait rapih, caritana hese ditebak.
- Pangarangna pinter nyamunikeun saha eta laleur bodas.
- Carita cintana rame. Teu kawas
carita bobogohan budak ngora nu biasa.
2. Kalemahan
- Alur caritana teu pati cocok kanggo budak anom. Kusabab caritana
nyaritakeun hiji kulawarga.
- Kalobaan dibeberkeun idetitas laleur bodasna.